Carita Pondok Dadan Sutisna
Bulan beuki
pias di awang-awang. Ukur dibaturan ku tilu béntang anu tingkariceup. Geus teu
kadéngé deui gebyurna lambak. Geus teu kaciri deui runggunukna pilemburan jeung
ngamparna pasawahan. Bieu, pabuburit, kapal geus miang ninggalkeun palabuan.
Ninggalkeun salaksa katineung di ditu, di bali geusan ngajadi.
Nya danget
ieu pisan, lembur téh kari waasna. Sampalan pangangonan, pasir eurih pamikatan,
jalan satapak ka mumunggang, boa moal kasampeur deui. Enya, biheung bisa balik
ka lemah karuhun, tur geus dikayidkeun pamohalan balik deui.
Asa cikénéh,
tur asa detik bieu pisan, kuring nénjo marakbakna kembang samoja di pipireun
imah. Tangkal samoja gigireun kuburan bapa, anu ku ema mah dipiara pisan. Malah
saméméh ema ninggalkeun, nyusul bapa ka kalanggengan, ukur hiji anu
diamanatkeun téh; pangmiarakeun tangkal samoja. Ayeuna, amanat ema téh
kamomorékeun, lantaran kuring kaburu indit. Teuing saha nu bakal neruskeun
miara éta tangkal samoja.
Indit téh
éstuning taya kereteg ti méméhna. Teu boga niat ti anggalna. Malah henteu
kungsi ngimpi-ngimpi acan. Isuk-isuk, basa kuring rék nyawang meletékna
panonpoé nu baris maturan hirup kabeurangnakeun, Pa Érté ngaronghéap. Datangna
teuing ti lebah mana, da ujug-ujug ngajanteng hareupeun. Katémbongna mani geus
saged, beberengkes, bangun rék indit-inditan.
“Hayu atuh!”
pokna.
“Hayu? Ka
mana?” kuring kerung.
“Har, apan
kamari geus dibadamian. Urang téh rék nyaba ka jauhna, ka alas peuntas. Urang
nyiar kasenangan di ditu!”
“Asa kakara
ngadéngé kuring mah?”
“Aéh-aéh,
apan geus dibéjaan ti tangéhna ogé. Urang téh rék nyaba ka ditu. Matak harita
bapa omat-omatan, sing loba ngumpulkeun bekel. Sing bisa ngajeuhjeuhkeun pakeun
sarta ulah natambuh waktu. Bekel ieuh, kudu mawa bekel!”
“Kumaha
atuh, da kuring mah teu boga nanaon?”
“Keun baé,
kitu wéh. Buru-buru, bisi katinggaleun ku kapal!”
“Saha baé nu
milu téh?”
“Loba. Geus
taruluy batur mah!”
Mani asa
rurusuhan indit téh. Asana mah, henteu mandi-mandi acan. Da éta, Pa Érté mani
ngabebereg, henteu méré pisan témpo. Kuring nepi ka poho, henteu ngonci heula
imah, henteu maraban domba, atawa nitipkeun pakaya jeung tangkal samoja ka nu
aya di lembur.
“Keun baé da
engké ogé aya nu ngurus!” cék Pa Érté sajeroning leumpang.
Nepi ka
palabuan, enya baé geus ngagimbung loba jelema. Rombongan ti lembur kuring,
misah di beulah wétan. Pa Kuwu, Pa Olot, Pa Lebé, Ulis Odang, Hansip Oding, Bah
Wirya, katémbong keur ngabaredega. Panonna neuteup ka tengah jaladri. Bangun nu
keur nyawang pikahareupeun.
Kapal anu
rék mawa kuring – teuing ka mana, da Pa Érté can kungsi ngécéskeun – geus
ngajugrug di basisir. Kapal anu nya badag nya jangkung, asa can kungsi manggih
tandinganana.
“Geus kumpul
saréréa?” cék Pa Lebé.
“Parantos
sigana mah,” Pa Kuwu nu ngawalon téh.
“Hayu atuh
urang indit ayeuna!”
Kabéh asup
kana kapal. Dipingpin ku Pa Lebé. Tapi anéh, ari barudakna mah henteu sina milu.
Kalah ka diantep ngajanteng di sisi basisir. Katémbongna, maranéhna bangun
sedih naker. Loba nu carinakdak. Malah kadéngé lapat-lapat, aya nu ngahariring
lagu Pileuleuyan. Euleuh, geuning aya nu maca tahlil sagala rupa.
Basa hatong
kapal disada, asa aya nu ngajedud dina jajantung. Nya di basisir ieu pisan,
saniskara katineung baris diteundeun, biheung kasampeur deui.
Nepi ka
ayeuna, sajeroning nangtung dina dék kapal, kuring bingung kénéh. Rék ka mana
ieu téh? Saenyana, éta pananya bisa ditepikeun ka Pa Érté, atawa ka saha baé.
Ngan can aya waktu nu rinéh. Sabab kabéh ogé, keur anteng narangtung bari
nyawang cai laut nu ririakan kasorot bulan nu beuki pias.
Nu
ngajanteng di dék kapal téh, nu keur ngalamun kawas kuring, jumlahna teuing
sabaraha urang. Ngajajar heuleut saméter. Kawas nu dikomando, leungeun
maranéhna nangkeup harigu. Sorot panon ka jauhna, teu ngiceup-ngiceup.
Moal boa,
ieu kapal keur nyuruwuk meulah jaladri. Gancangna teuing sakumaha, geus teu
karasa.
Pa Érté
ngajanteng pisan gigireun kuring. Teuing iraha jolna, da tadi mah anu
ngajanteng lebah dinya téh Pa Olot. Asa manggih kasempetan pikeun nepikeun
kapanasaran, Pa Érte gancang ditoél.
“Pa, rék
kamana urang téh?”
“Engké ogé
apal sorangan!” walonna bari henteu ngarérét-rérét acan.
Ngadéngé
jawaban kitu mah, angger baé lebeng. Poékeun. Nya kapaksa baé, keur saheulaanan
mah, dijawab ku sorangan. Dumasar kana sawatara kajadian harénghéng di lembur.
Bisa jadi,
pangna Pa Lebé saparakanca ngajak miang téh, lantaran kaayaan lembur geus
henteu pikabetaheun deui. Paceklik nu panjang. Kurang dahareun. Pagebug. Loba
kasakit. Taneuh nu angar. Matak rungsing jeung henteu tingtrim. Enya ari
nineungna mah, napel kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring,
moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu
matak héran téh, boh Pa Lebé, boh nu séjénna, kawas nu mentingkeun sorangan.
Naha ari anak pamajikan henteu dibawa, diculjeunkeun kitu baé? Saha nu
ngurusna?
Kituna mah,
aya alesan maranéhna indit ninggalkeun lembur ogé. Alesan anu ku kuring karasa
jeung karampa. Méh kabéh anu ayeuna keur nangtung dina dék kapal, papada boga
bangbaluh hirup. Ninggalkeun pasualan di ditu, di lembur. Pasualan anu nepi ka
maranéhna miang ogé, biheung geus réngsé.
Kuring
leumpang lalaunan. Mapay-mapay jajaran jelema-jelema anu keur narangtung
nyawang jaladri. Kuring neuteup Pa Érté. Dina panon Pa Érté katara aya nu
ngembeng. Boa manéhna keur ingeteun ka pamajikanana, da basa ditinggalkeun téh
keur meujeuhna bureuyeung. Atawa inget ka anak anu keur meujeuhna kembang
buruan. Kuring apal pisan, hirup Pa Érté ti baheula ogé henteu manggih
kamarasan. Imahna nu nenggang di tungtung lembur, nu geus déngdék ka kénca
alatan dihakan umur. Cék béja, ti barang rumah tangga Pa Érté hayang ngoméan
éta imah téh. Keun bae panggung ogé, weweg-weweg atuh. Tapi tepi ka ayeuna ogé
angger baé. Henteu robah, henteu kaganti golodog-golodogna acan. Kalah ka
pamajikanana ririwit. Mindeng gering jeung kurang kasabaran, pédah hirup Pa Érté
taya menyatna.
“Hésé
geuning hayang ngawangun imah téh, Jang!” cék Pa Érté harita, hareupeun Pa
Lebé.
“Cék kuring
mah, jieun heula tihangna anu weweg!” walon Pa Lebé.
Enya,
kawasna mah, pangna panon Pa Érté nepi ka ngembeng ogé alatan inget ka dinya.
Inget ka imah anu henteu kungsi kaoméan.
Kuring
ngaléngkah deui. Bagean Pa Olot ayeuna mah anu diteuteup téh. Sarua, sarua
pisan, dina panonna aya nu ngembeng. Malah leuwih ngembeng ti panon Pa Érté.
Naha Pa Olot téh inget ka budakna anu minculak ti batur? Enya, Pa Olot téh geus
masagi dina dunya barana mah. Ngan sapopoéna teu weléh ngungun alum. Komo
saprak Si Unéd mangkat rumaja mah. Si Unéd anu kakocapkeun sakola ka kota,
mindeng nyieun masalah anu matak wirang Pa Olot. Komo apan, Pa Olot téh jadi
jelema anu dipikolot, picontoeun urang lembur. Kari-kari ayeuna dikotoran ku
kalakuan anak. Enya. Si Unéd anu sok mabok. Si Unéd anu – cék Pa Olot – jauh
tina agama. Si Unéd anu kungsi ngagadabah Nyi Imas.
“Aing téh
henteu bisa mingpin kulawarga. Henteu bisa ngalelempang paripolah anak!”
kadéngé Pa Olot gegerendengan. Nyaritana bangun hanjelu naker. Kawas bijil tina
haté nu pangjerona.
Kuring
ngaléngkah deui. Pa Kuwu ayeuna mah anu diteuteup téh. Sarua, sarua pisan, dina
panonna aya nu ngembeng. Malah katémbong geus aya nu ngalémbéréh. Nyarakclakan.
Murag kana dék kapal. Naon anu dipaké sedih ku Pa Kuwu? Asana téh taya
cawadeunana. Tur kuring henteu kungsi nyaksian Pa Kuwu meunang bangbaluh.
Salila mingpin désa, asa taya codéka nanaon. Malah kapaké pisan. Enya, ari kabeungharanana
mah misah ti batur. Imahna ngajengléng. Kakocapkeun bulan hareup mah rék meuli
mobil. Pakayana nu lubak-libuk, cék manéhna sorangan, lain hasil idek-liher di
balé-désa. Tapi meunang meres késang, ladang dug hulu pet nyawa. Kari-kari
ayeuna, Pa Kuwu ogé milu indit jeung Pa Lebé. Naha henteu lebar ninggalkeun
pakaya, ninggalkeun pamajikan bahénol, ninggalkeun kasugemaan hirup?
Naon anu
keur diimpleng ku Pa Kuwu, henteu kabaca saeutik ogé. Tapi sanggeus sakitu
lilana didagoan, Pa Kuwu méré jawaban. Kawas nu surti, kuring téh hayang nanya
kitu.
“Di dinya
moal apal, naon anu keur jadi kabingung. Sabenerna, ku di dinya ogé bisa
dijawab. Bisa dirarasakeun. Naon anu ku di dinya dipaké handeueul satutas
ninggalkeun lembur?” pokna.
“Kuring mah
henteu boga nanaon, Pa Kuwu. Imah geus rék runtuh, sawah jeung tegal teu boga.
Ukur hiji anu dipaké hanjelu téh, kuring geus ngamomorékeun amanat Ema, miara
tangkal samoja!”
“Lain, aya
kénéh sajaba ti éta,”
“Naon?”
kuring dangah, neuteup Pa Kuwu nu paromanna angger, teu riuk-riuk, teu
némbongkeun robahna semu.
“Pikiran baé
ku sorangan!”
Lebeng.
Henteu kapikir.
Bagéan Pa
Lebé anu diteuteup téh. Sarua, sarua pisan, dina panonna aya nu ngembeng. Malah
lain ngembeng deui, nyurulung mapay pipi, mapay beuheung, parat nepi kana
sukuna.
Pa Lebé,
kuring apal pisan. Lalaki anu sapopoéna teu weléh basajan. Imahna lebakeun
tajug, ukur kahalangan tangkal jambu. Pa Lebé anu tara leupas ti kopéah jeung –
sakanyaho – tara ninggalkeun istigpar. Nilik kahirupanana mah, Pa Lebé henteu
kasebut bisa usaha. Malah tepi ka kiwari, hirupna angger nyorangan.
Pamajikanana maot, sapuluh taun katukang. Ti harita, kawas henteu boga deui
niat rarabi. Sapopoéna idek-liher di tajug. Mapagahan barudak nu hayang diajar
ngaji.
Padahal,
naon anu dipaké sedih pikeun Pa Lebé mah. Miangna ti lembur, asana mah henteu
ninggalkeun kabeubeurat. Atawa melang ku tajug, bisi euweuh nu ngurus. Bisa
jadi, ngan éta-étana anu dipaké hariwang ku Pa Lebé mah. Inggis taya nu bisa
neruskeun tapak-lacakna.
Henteu
kaburu bisa ngawangkong. Sabab lir dikomando deui, anu ngajaranteng dina dék
kapal téh arasup ka jero. Tinggal kuring ngajanteng sorangan. Satadina mah rék
nuturkeun, ngan asa betah kénéh. Sabab bulan anteng maturan peuting, najan
sorotna beuki pias. Cai laut angger ririakan. Kapal terus ngabiur, ngabiur
teuing ka mana.
***
Transmigrasi.
Pindah ka alas peuntas. Néangan hirup jeung huripna. Di ditu, di tempat nu
ayeuna rék dijugjug. Ukur éta anu aya dina ingetan kuring mah. Sabab rék ka
mana deui, ari lain transmigrasi mah. Kawasna Pa Lebé saparakanca kapincut ku
dongéng Mang Satibi baréto. Puluhan taun ka tukang, Mang Satibi kungsi indit
ninggalkeun lembur. Anu séjénna mah, harita, kalah ka tingbirigidig diajak
nyorang sagara téh. Ngan Mang Satibi anu beunang disebut nékad. Inditna
kadua pamajikan. Henteu mawa bekel nanaon. Heuleut lima taun ti harita, Mang
Satibi nganjang deui ka lembur. Terus ngadongéng, kumaha senangna di alas
peuntas. Cék dongéng Mang Satibi, di ditu téh manéhna geus bisa nyieun gedong,
meuli motor, meuli sawah jeung tanah. Padahal pagawéan sapopoéna mah henteu
hésé, ukur ngurus kebon sawit.
Pasti. Pa
Lebé saparakanca, kaasup kuring, rék transmigrasi. Rék ngarobah hirup di ditu,
di alas peuntas. Eukeur mah kaayaan di lembur geus teu pikabetaheun,
katurug-turug kawasna mah ingeteun kana dongéng Mang Satibi téa.
Ngan anéhna,
nu aya dina kapal, bet henteu nyaritakeun kaayaan di ditu, di tempat nu rék
dituju. Kalah ka patingharuleng bangun ngadadak manggih kabingung. Malah aya ti
antarana anu nepi ka luh-lah, kawas peunggas harepan. Ilaharna mah, lamun rék
nyanghareupan kabagjaan – sebut baé kahirupan di alas peuntas téh kabagjaan –
lain ngeluk tungkul siga nu bingung. Malah sakuduna béar marahmay. Taya salahna
sapanjang jalan gogonjakan, seuseurian, patingcakakak sangeunahna.
Enya,
kaayaan di jero kapal téh kalah matak sareukseuk. Di ditu, di dieu, pinuh ku nu
ngadon ngalamun. Taya nu katangén ngobrol ngalér-ngidul. Taya nu katémbong
melenyun udud. Maranéhna kawas nu jongjon jeung dirina séwang-séwangan.
Kapal téh
terus nyemprung meulah jaladri. Geus henteu kadéngé sorana, awahing ku tarik.
Ngan anéhna, geus mangbulan-bulan, henteu nepi baé ka nu dituju. Kalah ka
pengeusi kapal lir nu beuki tagiwur. Beuki anteng ngalamun. Beuki jongjon jeung
dirina séwang-séwangan.
“Rék iraha
nepina ieu téh?” kuring nanya ka Pa Olot. Tapi ditanya ngadon ngeluk, bari
kapireng sorana inghak-inghakan.
“Ku naon Pa
Olot?”
Henteu
ngajawab.
Nyampeurkeun
Pa Érté, sarua henteu ngawalon. Komo ari Pa Kuwu mah. Hansip Oding, Ulis Odang,
Bah Wirya, sarua ngabaretem.
Kapal angger
nyemprung, teuing rék iraha eureunna.
Pangeusina
geus loba nu inghak-inghakan. Malah terus careurik patarik-tarik. Ngaguruh
sapangeusi kapal. Kuring bingung pipetaeun, naha kudu milu ceurik? Tapi kapal
angger nyemprung. Angger teu soraan. Kuring kukurilingan, ka rohang nahkoda.
Tapi taya sasaha. Kapal maju ku sorangan. Kawasna, nahkodana ogé keur milu
ceurik.
Teuing
meunang sabaraha bulan, maranéhna ceurik téh. Lila-lila, tina ceurik téh, jadi
patinggorowok patarik-tarik. Kaasup Pa Érté, Pa Lebé, Pa Kuwu, jeung nu
séjénna.
“Hayang
balik deui. Gancang balik deui!” pokna.
Tapi kapal
henteu eureun. Jajauheun nepi malik arahna. Asa ketir nénjo kitu mah. Kaasup
kuring bet hayang balik deui. Sabab asa aya nu tinggaleun di lembur téh. Enya,
asa aya nu tinggaleun.
“Moal, karah
kumaha ogé, anjeun moal bisa balik deui!” aya sora ti gigireun, basa kuring
keur nangtung ngumbar katineung dina dék kapal. Sora anu agem. Tur kuring
kakara ngadéngé sora sakitu agemna. Basa dilieuk, aya nu maké baju sarwa bodas
ngajanteng.
“Saha
anjeun?”
“Pangeusi
ieu kapal!”
“Enya, tapi
naha bet nyampeurkeun kuring?”
“Pédah wé,
katémbongna siga nu bingung!”
“Naha anjeun
henteu milu ceurik?”
“Naon nu
perlu diceungceurikan?”
“Itu geuning
batur mah …”
“Enya,
maranéhna ceurik hayang balik deui ka lembur. Sadetik wé cenah. Aya nu
tinggaleun di ditu!”
“Kabéh aya
nu tinggaleun?”
“Enya!”
“Kaasup
kuring?”
“Bisa jadi!”
“Ké, ari ieu
kapal téh rék kamana? Geuning henteu nepi baé?”
“Engké ogé
bakal nyaho!” pokna bari terus ngaléos.
Kuring ukur
bati ngahulengna. Asa teu kaharti. Nu gogorowokan beuki tarik. Sora Pa Kuwu
mani pangtarikna.
“Hayang
balik deui!” cenah. Enya, dipikir-pikir mah, kuring ogé asa aya nu tinggaleun.
Pamustunganana mah sapamadegan jeung maranéhna : hayang balik deui.
Tapi kapal
terus nyemprung. Teu beunang dieureunkeun. Kalah cimatana pangeusina terus
maruragan. Ngamalir dina dék-dék kapal. Terus ngeyembeng. Beuki loba. Beuki pinuh.
Pamustunganana kapal déngdék pinuh ku cimata. Terus déngdék. Pangeusina
patingkocéak. Kuring hareugeueun. Kapal beuki tilelep. Saméméh karem, kuring
bisa kénéh neuteup bulan nu beuki pias …
Saung
Pangreureuhan, 2000
http://ppss.or.id/carita-pondok/bulan-wanci-sareupna/
Tidak ada komentar:
Posting Komentar